Entri Populer

Kamis, 05 Januari 2012

SISINDIRAN PANGGEUING KEUR UMMAT ( II )

SISINDIRAN PANGGEUING KEUR UMMAT ( II )

# Rék nyaba ka lembur binbul
  Ngaborongkol ti Mang Yaya
  réa jalma ngaku rosul
  barong tong dipercaya

# Kaditu ka margahayu
   Cirengit wétaneunnana
   Ngaku_ngaku nampa wahyu
   Geus leungit akal séhatna

# Jang Usup nyaba ka mana
  Mun tuang nyimpang ka warteg
  Hirup di jaman ayeuna
  Kuatan iman sing Panceg

# Muara tuluy cikundul
   Ngaliwat ka lebah pasar
  Jelema nu ngaku Rosul
  Eta mah nu gélo anyar

# Di sawah réa jarami
   Ditumpuk dina parigi
   Mun rajin silaturrahmi
  Tinangtu ditambah rizki


# Ngala hurang jeung bi sahmi
   Disarengan ku bi enur
   Mun urang silaturrahmi
  Tinangtu  panjang umur

# Ngala hurang sisi sawah
  Ulah hilap mawa wadah
  Upama meunang kabungah
  Ucapkeun “Alhamdulillah”

# Nyandak parang ti si abah
  Bet kalahkah hilap deui
   Mun urang meunang musibah
   Bacakeun “inna lillahi”.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............