Entri Populer

Kamis, 05 Januari 2012

SISINDIRAN PANGGEUING KEUR UMMAT ( I )

Sisindiran Panggeuing keur ummat (I)

SISINDIRAN  PANGGEUING (I)

# Ka Cairo meser tomat
Tolombong wadah pisitan
Upami tos beres shalat
Kade tong hilap wiridan

# Ngaliwat ka pasawahan
Ka tonggoh Ka bimiagung
Nu wajib diibadahan
Alloh NU Maha Agung

# Ti sawah nu palih tonggoh
Ngaliwat bumi Mang Toto
Ibadah Parentah Alloh
Nabi Muhammad keur conto

# Sawah kebon anu tonggoh
Balong kedah dicaian
Ibadah kedah ka Alloh
Tong dua kapercayaan


 # Sarua acan Bayaran
Duitna duka kamana
Midua kapercayaan
Nu kitu musyrik ngarana

#Di sawah ngadon maracul
Nu tuang Katinggal era
Ibadah teu nyonto Rosul
Disebatna Bid’ah tea

# ka Cikade Cisandari
Rek nyaba ka Cikaramat
Kade di jaman kiwari
Rea anu nyasarkeun ummat

Arek nyusul ka cipancir
Arinditna poe ahad
Rasul Alloh anu akir
Nyaeta Nabi Muhammad


Cag sakieu heula...........

(Dicutat : tina  Majalah Sunda IBER ( BASANA MOAL BASI), no. 48/taun xl/8 shafar 1429 H/15 pebwari 2008 M.")


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............