Entri Populer

Rabu, 20 April 2011

Urang diajar babarengan...ti Ki kabayan"!!

Filosofi si kabayan:


Hirup Mah Heuheuy jeung Deudeuh



Teu kudu ngarasula mun urang can diparengkeun pinanggih jeung kabagjaan. Naon sababna? Da hirup mah lain keur senang-senang, kitu saur Ustad ogé. Ari kitu keur naon atuh saestuna urang hirup téh?



Jawaban idealna, hirup teh lir ibarat sakola. Unggal poé urang kudu terus-terusan diajar. Kudu peurih, teu kaci ogoan, teu kaci melencing, mumul, babarian jsb. Ku naon maké kudu tipoporosédiajar? Pan sangkan lulus ujian. Eta tujuan mangsa pondokna. Cukup nepi ka dinya? Tangtu baé henteu ngan ukur tepi ka dinya, sabab tujuan mangsa panjang sarta anu pangpentingna pisan mah bisa nyangking tur ngamalkeun naon-naon anu ku urang diundeuran di sakola. Ku naon pangna kudu lulus ujian? Pan nya di dinya pisan urang bisa ngukur kamampuh urang sangkan kanyahoan nepi ka mana nyerepna élmu.



Sanajan hirup memang lain keur senang-senang, tapi lain hartina hirup téh bakal susah salilana. Cék si Kabayan, hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Maksudna, tara senang salilana, ogé sabalikna tara susah salilana. Aya waktuna urang seuri bungah, sanajan kadang-kala urang kudu ngarandapan kasedih, katugenah jeung sajabana.Hanjakalna, kalolobaanana urang mah sok sarakah, hayang senang salilana, nep ika lamun ngarandapan kasusah téh sok aral, malah sakapeung mah jiga nu ngangluh ka Allah swt. "Duh Gusti, naha hirup téh mani asa susah-susah teuing atuh?" Padahal mun keur senang mah boro-boro inget kana sukuran,nganuhunkeun ka nu Maha Masihan Kasenangan.



Mun urang daék diajar, sabenerna loba hal anu bisa diconto tina carita-carita si Kabayan. Inohong rékaan nu hirup dina budaya Sunda ieu téh saestuna lain ngan saukur inohong pangedulan nu kabisana ngan ukur nipu batur, calutak ka mitoha jsb. Si Kabayan mah ngan ukur wayang. Sikep, rengkak paripolah, katut pamikiranana ditangtukeun ku dalang nu ngigelkeunana. Ajip Rosidi dina salahsahiji essayna kungsi nyebutkeun:



"...pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan palakuna luyu jeung kahayangna."


Hanjakalna, cék pamanggih kuring, aya nu kaliwat dina statement Ajip. Si Kabayan teu salawasna digambarkeun ngabogaan sipat negatip. Lamun urang leukeun ngalenyepanana, saenyana dina dongéng si Kabayan loba siloka nu bisa dijadikeun luang. Upamana waé tina carita di handap ieu:


Hiji poé si Kabayan jeung si Lamsijan jalan-jalan ngajugjug ka hiji tempat. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weléh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manéhna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya.



"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak téh capé? Ari manggih pudunan, hayoh kalah ecurik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang ogé ngareunah teu matak capé. Henteu siwah mah silaing téh?"



"Ah, teu gélo teu sing. Silaing wé nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan téh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah éta téh? Nu matak kami seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus béak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak téh? Nu matak tong héran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."



Sabengbatan, carita di luhur siga carita léléwodéh ti jelema nu teu pati jejeg. Padahal saestuna ieu téh siloka nu kacida lantipna. Aya pesen moral yen urang salawasna kudu siap nyanghareupan kajadian naon baé nu bakal tumiba ka urang.Mun ayeuna kabeneran keur nanjung jadi pejabat, ulah nepi ka poho yén hiji mangsa mah urang bakal turun tina kalungguhan nu keur dicangking kiwari. Mun urang keur beunghar lubak libuk loba dunya, ulah poho yén éta téh ukur titipan, tur kudu rido mun sawaktu-waktu dipundut ku nu Kagungan. Sabalikna mun urang keur aya dina kasusahan, omat ulah putus pangharepan, sabab pasti dina hiji mangsa mah urang bakal kasinugrahaan ku kasenangan.


Pan cék tadi ogé, hirup mah heuheuy jeung deudeuh.


Dicutat ku Lucky bin Asep Todad (SKKS 104) tina http://sundablog.blogspot.com/2006/09/filosofi-si-kabayan.html

Diropéa deui ku SKKS-001

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............