Entri Populer

Jumat, 22 April 2011

Carita Pondok " Imut Tingtrim"

     RET deui ras deui, ret deui ras deui. Enya kitu, ret deui ka Indung, ras kana rupa-rupa yasana ka sorangan sakulawarga jeung rupa-rupa kahadeanana ka sasama jalma nu lian, sarta kapengkuhanana dina ngalaksanakeun papagon agama. Nuluy rus-ras teh, kana kalakuan sorangan ka kolot, hususna ka Indung sorangan, nepi kana hiji pananya, "Kumaha ari aing? Geus nepi ka mana ngugung-ngugung jeung nulung Indung teh? Diimpleng-dipeleng; kabeh jalan nu geus kaliwatan dipapay disawang, dilenyepan dirarasakeun, tapi pananya tacan bisa kajawab, kalah kateug deui dina pananya lianna: Naon wae tanda, yen diri teh geus cukup babakti ka Indung anu ngakandung? Nya, nepi ka pananya panungtung: Naha diri teh kaasup golongan nu mana? Kaasup ka golongan nu dirahmat ku Alloh atanapi anu dila'nat ku Mantenna?" Leng, bray, leng, bray, kolebat, kolepat, jorelat, bruh-breh lengkah-lengkah kuleuheu. Aya saudat-saudat gurat-gurat barodas, tapi da meh kasilep ku lengkah-lengkah nu teu atra beresihna; boa saukur nyesakeun titik-titik-hideung nu ancal-ancalan tur munasabah, mun dikumpulkeun bakal ngalimpudan gurat-gurat bodas nu teu sabaraha reana.

Kolebat, ngolebat mangsa keur budak-mangsa geus inget jeung tenget, tapi mun disawang ti ayeuna, harita kaasup nu tacan boga wiwaha: Hirup teu kaopan, kahayang teu kacumponan, ka kolot ngabarungsinang. Tacan eureun gogoakan mun kolot tacan ngupahan. Pantes mun harita kolot keuna ku aral-subaha, da adat sorangan beda ti nu lian. Tapi nu karasa harita, geuning kolot mah, hususna Indung ngan sabar jeung sabar we. Ngan dina enyana sorangan pikeuheuleun ge, meureun kolot mah lautan hampura, da sorangan harita jajauheun keneh kana bisa mikir panjang tur rangkepan cara ayeuna.

Kolepat sajorelat ngolepat mangsa rumaja-mangsa dinangna-dinengne dipikanyaah ku sarerea: sagala dicukupan ku Indung jeung Bapa;disuwuk ongkoh ku dulur jeung baraya nu geus darewasa jeung rarumah tangga. Batur jauh cararunduk, sobat-sobat nu deukeut nu anggang dararatang.Di sakola di pangulinan didareukeutan ku batur saumur, jadi pangimpungan batur saentragan. Ari diri asa aing pangpangna : pangbenerna, pangbisana, pangjugalana, jeung pangsagala lianna;padahal mun harita disawang ti ayeuna bisa jadi harita teh pangsombongna, pangbedegongna, pangbedang-wangkelangna, jeung pangteubenerna lianna. Sarerea kudu ngagugu kana kahayang sorangan: ceuk sorangan hideung, kabeh babaturan kudu milu hideung; ceuk sorangan beureum kabeh kudu milu beureum, jeung sajabana. Kabeh babaturan kudu implut ka sorangan dina sagala perkara.Mun babaturan teu biluk, teu euleum-euleum disieuhkeun. Sirung-sirung takabur patingpecenghul, kembang-kembang deleka ka nu teu dipisuka laligar, kabedang-kawangkelang ka kolot mimiti ngaracunan kahirupan mangsa harita. Tara ieuh dipikiran dilenyepan, yen ka mana wae sorangan indit, Iblis teu weleh ngingiclik-ngukuntit, maksud ngagoda luyu reujeung sumpahna. Rasa kaduhung kana hiji perkara nu karasa salahna ukur datang saliwatan-saliwatan, henteu namperkeun kakuatan pikeun ngarobah kalakuan sorangan. Tapi, dina kaayaan diri kitu, Indung mah tetep dina tangtunganana: sabar, tawekal, dina nyiraman ku kanyaahna lahir jeung batinna. Lahirna taya basa karugian ku matrerina, dina cisoca kaihlasanana teu weleh ngagolontor du'ana keur kajembaran sorangan.

Umur sorangan nambahan, atikan ngajembaran, boh atikan umum boh atikan agama, da

geuning Indung mah estu mentingkeun pisan kana atikan keur sorangan teh, sanajan tina ladang dug cinetek miceunan kesang sorangan, sab kayaayaan ekonomi kulawarga sanggeus Bapa ninggalkeun tiheula karasa beuratna. Indung mah eces ludeungna, sanajan kudu nyanghareupan gulungan ombak kahirupan anu sakapeung kacida gangasna. Bisa jadi enya, ku kuatna pangaruh atikan jeung pangaruh lingkungan gaul sabudeureun tempat cicing, sanggeus kuring jeung Indung pindah ti lingkungan samemehna ka lingkungan anyar nu aya di sabudeureun Pondok Pasantren At-Taqwa, karasa ku sorangan mimiti aya robahan-robahan kabiasaan. Najan kitu tetep karasa, gegedena mah robahan-robahan dina sikep hirup sapopoe teh ku alatan yasa Indung, anu teu pegat-pegat nyimbeuhan ku kanyaah anu merenah.Nya ti harita kasongong, kasombong, kabedegong, kabedang-wangkelang teh, boh ka Guru, boh ka babaturan, jeung ka nu lianna mimiti ngurangan, da geuning loba conto, boh nu kajadian di lingkungan kulawarga, lingkungan sakola atawa lingkungan campur gaul lianna; boh conto hade keur turutaneun, boh conto goreng pikeun singkaheun. Najan kitu harita ge rumasa, jauh tangeh keneh, ari kudu kaasup anak anu "waladun solihun yad'u lahuma" mah.

Ret deui ka Indung, ras deui kana kahadeanana jeung ras kana kalakuan sorangan mangsa rumaja, malah geus jadi pamuda;mangsa keur ngawula kana pangaresep, hususna kana olah raga voli.

"Den, wayahna isukan mah milu gotong royong melur jalan heula!" ceuk Indung hiji waktu.

"Ih, ari Ema, apan Deny bade latihan!" tembal teh bari jejebris.

"Atuh nyelang we sapoe mah, Kasep! Sapoe ge henteu cenah, paling nepi ka memeh wanci lohor," ceuk Indung deui.

"Ema, latihan isukan teh penting pisan, ngahangkeutkeun, bade aya pamilihan pamaen voli kanggo tim kacamatan!" cekeng ngayakinkeun Indung.

"Euh kitu, hanjakal atuh, nya. Enya lebar atuh ari rek aya pamilihan pamaen mah, mangka bejana Deny mah kaasup anu hade volina!"

"Enya, Ma, kitu," atoh we nu aya, Indung nyarita kitu teh.

"Enya, keun bae atuh. Satadina mah pedah bae, Bapa keur teu sehat, jeung biasaana Deny voli teh sok sore," ceuk Indung deui. "Ari kitu mah nya keun bae, Ema rek sasadu we ka Ketua RW!"

"Keun bae, Ma, ari Deny rek aya pamilihan pamaen voli mah, " ceuk Bapa ka Indung bari norojol ti kamar, jigana ngadangueun harita teh.

"Muhun, atos eta oge," tembal Indung "Deny mah jongjon bae rek voli mah, muga-muga kapilih jadi anggota tim kacamatan," pokna deui ka sorangan.

"Enya kitu, Den, ulah galideur rek voli mah," Bapa oge ngajurung pisan harita teh. "Muga-muga bae isukan mah Bapa sehat pisan. Dina henteuna oge keun bae, kerja bakti

mah rek ngeureuyeuh bae, sakadugana."

Isaukna ge teu nolih ieuh ka jalma-jalma nu geus karumpul rek melur jalan mah, najan kaliwatan, ngungkug bae ngidul harita teh, rek ka lapang voli. Biasanma ge unggal latihan voli teh lungsur-langsar, naha atuh harita mah bet kudu ngalaman kajadian nu teu dipiharep: Sa-set ge tacan rengse voli teh, sorangan dibere "umpan" ku babaturan gigireun, bola melentung luhureun net, sorangan ngawahan, jleng luncat sataker tanaga bari leungeun katuhu siap nyemes; naha atuh samemeh bola nepi ka ukuran semeseun teh, leng sirah dumadakan lieur lain meumeueusan, titingalian asa tingburinyay. Atuh puguh we memeh bola semeseun digebot ku sorangan ge geus kapiheulaan ku nu nga-blok. Basa suku antel deui kana taneuh, jolongjong teh, asa aya nu nyurungkeun ti tukang, jedak tarang kana tihang net tina beusi, leng, leng, koleang, les teu inget di bumi alam.Duka geus sabaraha menit lilana, da basa inget deui teh geus dina ranjang, bari tarang nu diperban karasa nyut-nyutan.

"Ema, hapunten Deny...kamari ngab....," ceuk sorangan teu kebat, diantelan manten dua ramo indung bari carinakdak. Sababaraha keclak cisocana murag kana dada sorangan.

"Geus, tong loba pikiran..., ti kamari keneh ge ku Ema geus dihampura...," pokna bari neuteup. "Nu penting muga-muga hidep buru-buru cageur."

Gusti Nu Agung, meureun Indung mah ti poe memehna oge geus terangeun, sorangan ngabohong teh. Reup panon dipeureumkeun, era kacida neuteup raray anjeunna teh, rumasa geus nyieun dosa.

Eta mah ngan salasahiji kajadian. Lain sakali duakali boga laku lampah goreng anu matak ngajaheutkeun Indung teh. Tapi angger bae geuning, Indung mah dina deudeuhna dina asihna, jeung dina kamelangna ka sorangan, anu mudal tina batinna anu putih-beresih. Kadeudeuh, kaasih, kamelangna teh manjang deuih, nepi ka kiwari-nepi ka ayeuna keur ngoconan Si Bungsu, anu cikeneh dieengklek. Nepi ka ayeuna ku sorangan keur ret deui ret deui ka anjeunna, diserangkeun tina bangku nu keur didiukan.

Ret deui, tuluy nu keur ngoconan Si Bungsu teh ditelek-telek: Rambutna nu geus meh ngeplak bodas; socana nu geus ngelok jero;kulitna nu beresih geus ngariut-karijut, katambahan ku titik-titik hideung laleutik. Tapi ku kersaning Alloh SWT, salirana mah kaitung sehat jeung sehat bae, sanajan leumpang geus teu bisa gancang. Deudeuh..., dina waruga geus kitu, bisa keneh mere mangpaat, boh keur anak-incu jeung buyutna, boh keur jalma lianna. Istiqomah dina ibadahna taya babandinganana. Jasana? Wah, pimanaeun teuing sorangan mah bisa mulang tarima. Anu sidik mah ka kolot teh, hususna ka Indung, boa leuwih loba ngajaheutkeunana. Komo meureun ka Nu Maha Agung, rumasa hirup teh loba keneh rereged. "Astaghfirulloohal'adziim, Alladzii laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyuumu wa atuubuu ilaih", ceuk hate.

"Bungsu, ieu cepeng heula, Si Asep!" ceuk Indung.

"Eu mang...ga, Ema," nembalan teh bari rada reuwas, da puguh Indung nyarita, bari sorangan keur maling teuteup, jeung rus-ras ka mangsa lawas.

"Ema bade netepan heula, ah," pokna deui bari jung nangtung, sanggeus sorangan ngadeukeutan budak nu keur diuk bari ngulang-ngulangkeun leungeun jeung haoh-haohan. "Saleng Apa heula, nya, Nini bade Alloh..., saleng bade bobo heula," nyarita ka budak teh, jiga ka nu geus bisa cacarita bae.

"Mangga, Nini, mangga....," cekeng bari mangku Si Bungsu, tuluy nyeta-nyeta budak

nyarita, mamagahan, bari jinisna moal ngartieun oge. "Wilujeng leleson, Nini....," bari ngulang- ngulangkeun leungeun Si Bungsu ka ninina.

Indung ngaleos ka jero. Sabot nungguan Lasmiati nu keur ka tampian mawa seuseuhan jeung isikaneun, sorangan mawa Si Bungsu ka Ceuk Arwinah. Mawa budak oge nyalse bae: Kahiji, kebeneran keur teu boga gawe, da borongan geus rengse. Kaduana, najan Lasmiati keur ka tampian, warung mah teu kudu ditungguan ieuh, da geus aya tilu poena ge henteu dibuka. Enya, wawarungan modal leutik, tuda, dibarung bari ngawulaan nu baralanja ngaranjuk, pantes mun kakara tanggal lilikuran ge geus runtang-ranting. Paling-paling euyeub deui ku barang-barang jualeun teh engke, awal bulan, sabada nu ngararanjuk malayar hutang. Sakitu oge alhamdulillah ketak, nepi ka ayeuna mah nu ngaranjuk teh jalujur, tara nyengsar tina jangjina, umumna mah. Nya ari saurang-urangeun mah jamak bae, da teu kituna ge apan sok bari sasadu, tur ku sorangan ge kama'lum alesanana mah. Keun bae sakitu mah, itung-itung nulungan saheulaanan bae, da sorangan ge apan sok butuh ku kahadean nu lian.

Balik ti Ceuk Arwinah teh, Si Bungsu diais ku indungna, sorangan mah jongjon bae ngosrek di pakarangan, nepi ka dur-dur bedug Ashar. Basa anak nu katilu jeung kaopat balik latihan Pramuka oge, sorangan jeung Lasmiati mah keur nyalse di bale harerupeun imah. Bari ngadayagdag na korsi males beunang nyieun sorangan tina awi, panon neuteup sababaraha hiji kenteng nu geus rarengat, ras ka Indung nu keur leleson di kamarna: Naha wayah kieu Indung tacan nyaring? Apan biasana oge tara kosi kapiheulaan salat, sanajan dina kaayaan waruga geus sakitu kolotna. Meureun kapulesan. Rek digeuingkeun, karunya, bisi asa kaganggu;teu digeuingkeun, waktu salat Ashar geus nyedek ka ahir, numatak rada nimbang-nimbang sajongjongan mah. Ngan inget kana amanatna nu enggeus-enggeus, sok menta digeuingkeun bisi kapulesan sare dina geus manjing mangsana salat, hate teu nogencang deui, leos bae sorangan ka jero imah.

Lalaunan naker, sorangan nyinggraykeun hordeng jeung nyurungkeun panto anu melenge. Ngeteyep ngadeukeutan Indung nu bangun ngageubra sare dina ranjangna.

"Ma....," lalaunan pisan nyarita teh. Ngahaja, hayang ngageuingkeun, tapi Indung ulah nepi ka asa kabetak, anu antukna hudang teh sok tuluy leng-lengan rieut. Tapi hate ge ngama'lum, pantes sora sorangan teu kadangueun oge, da puguh nu pules tea, atuh. "Maa, Emaa!" cekeng sakali deui. Tapi tetep, teu katembong usik-usik acan. Gog sorangan cingogo gigireun mastakana, ngarah sora sorangan deukeut kana cepilna. "Ema, geura gugah, " naha pules-pules teuing, ceuk hate. Ditelek-telek rarayna, rada ngalieuk ka katuhu; lambeyna bangun imut dina kaayaan tingtrim. Panasaran, saeutik simbutna dibuka;dicekel puhu pananganana. "Ma, Maa, Maaa....," dibarengan teuteup kacuriga; disidik-sidik renghapna, tuluy dicabak lebah angenna, "Maaa!" bari dioyagkeun salirana. Hate geus beda rasa, diteken urat nadina, dak-dumadak sorangan ngoceak."Emaaaaa!" ***

((Ku Itto Cs. Margawaluya))

Pangancikan, Rewah 1429 H.

(Basa mieling nu imut tingtrim dina mangsana mulang)

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............