Entri Populer

Selasa, 09 Agustus 2011

KURING NGALAMAN SARUA NU KAALAMAN MANEHNA !!! 0041. H Ach… Moderator Posts: 140

" Jam sabaraha ayeuna? " gerentes dina jero hate. Asa ni'mat pisan ngalenyap sanajan bari ngagoler dihandap, diluhureun samak saheulay, teu dibantalan-bantalan acan.
Kuring nguliat jeung babatek, awak karasa pegel cangkeul, maklum geus opat poe tunggon Puspita anak kuring nu bungsu dirawat di Rumah Sakit, katarajang Thypus.

 Luhureun lomari leutik, nyampak aya resep tebuseun, kawasna sabot kuring ngalenyap, suster neundeun resep didinya.
Dibaca ubar nu kudu dibeuli Viccilin 1 gr injection jeung cefotaxime 1gr injection, masing-masing 4 tube.
Ieu mah antibiotik, kudu ditebus buru-buru pikeun disuntikkeun kana infus-an 6 jam sakali.

Ret kana arloji, euleuh geus liwat tengah peuting geuning! Jam 1 peuting kaayaan tiiseun, diluar hujan ngaririncik, hawa tiis combrek....
Ret ka kenca, sajongjonan kuring ngahuleng, ranjang kosong teh geuning geus dieusian pasen anyar.
Saha nya ? gering naon manehna ? Pantesna sabot kuring ngalenyap, suster mawa pasen ieu kadieu sakamar jeung Puspita.

Direret Puspita keur ngageubra sare, beungeutna pias, infus -an ngeclak lalaunan tina botol kana selang..., selang nyambung kana leungeun anak kuring.
Deudeuh teuing anaking jimat awaking, budak teh geulis pisan, kulit koneng mencrang, halis ngajepat, buuk panjang hideung meles, bet kudu ngalaman dirawat didieu. Hegak napasna nincak diwirahma, jentre ditengah peuting nu sepi jempling, dipirig ko sora hujan anu ngaririncik.

Rumah sakit teh nenggang dipasisian jauh ka kota, pakaranganna lega pisan, loba tangkal kai geledegan. Awi gombong, haur, pringgandani ngabaris beulah kaler. Katebak angin peuting nyeah sorana awor jeung sora hujan. Sora manuk peuting ngajerit, tuweuw sorana ancad laer, koreakpating koceak, anjing babaung handapeun kiara bangun nu kanyenyerian... meulah maratan langit.

Kuring nu kaitung wanian, peuting ieu ngarasa keueung kabina-bina. Ongkoh inget kana carita tukang ngepel tadi ba'da maghrib, yen aya mayit geus tilu poe can aya nu nyokot, sumawona dipulasara. Kulawargana teuing dimana. Basa keur ngepel di kamar mayit, katohyanan posisi mayit
nangkarak bengkang bari sidakep, dirurub ku sepre bodas. Tah basa rek kaluar ti kamar mayit, kareret posisi mayit jadi nyangigir, ngarengkol...
Harita gancang ngagentraan Satpam, tuluy neang mayit, teu teu sing nyangigir geuning, ngajelepeng we nangkarak bengkang.
Atuh puguh ngarasa helok, sidik pasti mayit tadi nyangigir!!!

Tukang ngepel ngaharewos bari gep lengeunna nyekelan leungeun kuring : " Didieu mah loba anu aheng! " kitu cenah panonna neuteub anteb, leungeunna karasa tiis nyecep , terus ranggah kaluhur kana beuheung kuring kawas nu rek nyekek !
Si siah! teu lucu, nyingsieunan batur...

" Uuuh" pasen anyar humaregung bangun nu nahan kanyeri, sukuna tetejeh kana ranjang, hordeng bodas nu ngulibeng ranjangna oyag-oyagan.. Rek disingkabkeun hordengna, hate asa teu wasa
na kamana atuh kulawarga na ?
Ah leuwih hade ngabejaan Suster Jaga, bari sakalian rek nebus ubar ka Apotek di tingkat hiji...

Kuring kaluar ti kamar, mengkol ka kenca mapay koridor nu caang ngempray, ngaliwatan kamar-kamar nu sejen.
Kamar Puspita nomer 14. Nilik kana jujutan, kuduna aya kamar nomer 13, tapi euweuh geuning nomer 13 teh.
Beulah kenca gigireun kamar 14 aya rohangan suster, minangka power styring comitee na, nyampak aya dua urang suster keur tinggerendeng nukangan kuring nyanghareup kana white board. Kuring jadi asa-asa rek ngomong teh, boa-boa keur solving problem yeuh!
Teu burung kedal ucap ceuk kuring ka manehna : "Suster pasen baru dikamar 14 gegerungan wae, tolong dilihat atuh".
Euleuh-euleuh teu ngahargaan ka kuring, sakitu dibejaan teh hare-hare bae, yaa suddaaah! Kuring buru-buru ngaleos.
Karek tilu lengkah kuring ngalieuk heula katukang..., wuiih suster duanana kamarana? sakilat ngaleungit lir tatit!
Hampura tadi tos negative thinking, geuning aranjeun teh "merespon dengan baik atas informasi dari sayah" sakilat leungit, tapi kunaon bet beda rarasaan? bulu punduk muriding muringkak...

Mengkol ka kenca, koridor ngembat ka kidulkeun. Sisi beulah kenca ngajejer kamar nomer 1 jeung nomer 2. Kaselang ku WC saterusna kamar nomer 3, 4, jeung 5.
Beulah katuhu kamar nomer 7 dina pantona aya tulisan ruang isolasi. Naon atuh isolasi teh? piraku ruang alat tulis kantor sarupaning isolasi, lakban, plester ?
Liwat kamar 7, aya kamar 8, 9 jeung ruang slobzing. Naon deui atuh "slub slob" kitu? ditoong tina kaca panto dijerona aya sepre, sarung bantal, simbut numpuk ngahunjud..., bodas!!!
Hih kunaha wet ngawaas aya pocong didinya!!!

Buru-buru maju ka kidul, aya kamar leutik. Nyampak aya suster ngeluk tulas tulis dina kertas bodas. "Nuju ngadamel laporan Neng?" saukur nanya dina jero hate. Suster ngalieuk belenyeh seuri bari unggeuk.
Iiih, si geulis ngajawab pananyaan kuring? helok tiasa tembus rasa kieu?

Beh ditueun, aya kamar tinun, ditoong deui wae, oohh dijerona aya tumpukan sepre, simbut, anduk, sarung bantal ngajengjreng rapih tumpukanna. Liwat tidinya nyampak dapur, terus panto kaluar tungtung koridor.

Bray pantona dibuka lalaunan. Kuring ngalengkah kaluar bari ngareret ka katuhu, rek uluk salam ka Satpam, ih geuning kamana nya? Biasana mah stand by aya didinya.

Kuring mapay jalan nu brasna ka Apotek, ngaliwatan bangku-bangku kosong. Didieu sepi pisan iwal ti sora hujan nu mimiti ngagebret ngagedean. Hujan gede dibarung ku angin nyeak, sawer cihujan kana kaca, ngucur katojo lampu, ririakan mangrupa silhuet, saliwat siga leungeun keur gugupay!!

Hate murengked bakat ku sieun, keueung lain meumeueusan, Ku kabeneran deuih, taya saurang-urang acan nu ngulampreng iwal ti kuring. Ngawani-wanikeun diri, terus ngalengkah maju. Asa beurat rek ngalengkah teh, aeh-aeh...

Aya 2 piliheun jalan, ka katuhu nurugtug mudun, mengkol ka kenca, mapay tangga brasna ka Apotek. Mun ka kenca, mipir-mipir kamar pasen, pungkal-pengkol nepi ka hareupeun Lift, brasna ka Apoptek oge.
Kuring milih ka kenca. Naha? Sabab deukeut panto Lift sok aya Satpam, tangtu moal keueung teuing..
Tapi barang jol kadinya, Satpam teh suwung deuih. Ih ! ku harianeun kamana atuh Satpam teh

Hareupeun Lift, kuring mencet tombol. Kling! pantona muka, luak lieuk heula buru-buru asup. Hate ngarasa reugreug, euweuh nu nuturkeun geuning. Nya eta atuh ongkoh sieun, tapi ngawawaas aya nu nuturkeun ti tukang, heug ngerekeb kana punduk, atawa nangkod pageuh kana beuheung...

Di Apotek kuring ngasongkeun resep ka patugasna, ditarima kalawan darehdeh pisan. " Mangga diantos sakedap, bade didamel kwitansina " ngomongna dibarung ku imut.
" Puspita " bayarnya di kasir 4 "
Kuring unggeuk. Aduuh hate asa ngemplong leupas tina rasa keueung. Nuhun Neng Geulis, sakieu tengah peuting, anjeun kacida someahna, teu lusuh teu kusut.

Kuring leumpang bari ngagigiwing kwitansi, muru ka lawang kasir 4. Tapi kahalangan ku brankar bodas. Saha atuh nu neundeun brankar didinya? teu boga pipikiran.!!!
Ku kuring rek disurungkeun ka katuhu, ngan teu jadi sabab aya getih ngagarajag dina brankar!!! Kapaksa leumpang nyisi tembok bari panon teu lepas tina brankar.

"Pussss pitaaa" aya nu ngaharewos tukangeun kuring, karasa hiuk anginna ngahebos ceuli. Kuring apal kana sorana! dilieuk katukang euweuh sasaha. Kuring ngeleper, apal kana sorana. Gancang dilieuk, ditukang euweuh sasaha.
( cag semet dieu heula, engke disambung deui)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............