Entri Populer

Rabu, 21 Desember 2011

''PRABU SILIWANGI''


PRABU SILIWANGI

Saha sabenerna Prabu Siliwangi nepikeun ka ayeuna ku sawaréh urang Sunda dianggap raja pangsohorna/panggedena (sarta ogé pamungkas) karajaan Pajajaran? Mun ngarujuk naskah Wangsakerta, bakal kanyahoan yén dina naskah éta eu...weuh saurang ogé raja Sunda (kaasup Galuh sarta Pajajaran) anu ngaranna Prabu Sili...wangi. Naskah éta meteakeun yén Siliwangi nyaéta ngaran landian anu dibikeun ka saha waé raja anu ngawasa di Sunda sanggeus gugurna raja Sri Baduga di Bubat.

Nurutkeun naskah éta, raja nu gugur di Bubat dina taun 1357 ngaranna Linggabhuwana, sedengkeun dina naskah-naskah nu séjén katelahna téh Prabu Maharaja (lain Sri Baduga Maharaja!). Alatan manéhna gugur dina ngabela ajén diri bangsa (Sunda), rahayat nelahna téh Prabu Wangi (Seungit), hartina nu ngaranna wangi/seungit alatan wawanénna ngabela ajén bangsa téa. Nya saterusna saha waé nu nu jadi raja Sunda sok katelah Prabu Siliwangi, nyaéta raja nu ngagantikeun Prabu Wangi téa.

Lamun naskah éta bisa dipercaya, atawa bisa dipaké pikeun maluruh saha Prabu Siliwangi, hartina yén Prabu Siliwangi lain saurang. Dumasar naskah éta nu météakeun yén Prabu Siliwangi saukur landian nu ngaganti Prabu Wangi, sabenerna aya dalapan urang Prabu Siliwangi. Lamun diurutkeun, maranéhanana téh : Niskala Wastukancana (1371-1475), Déwa Niskala (1475-1482), Sri Baduga Maharaja (1482-1521), Surawisesa (1521-1535), Ratu Dewatabuwana (1535-1543), Ratu Sakti (1543-1551), Nilakendra (1551-1567), sarta Ragamulya Suryakancana (1567-1579).

Mun nempo lilana ngawasa, écés pisan yén sakuduna nu dianggap raja pangsohorna karajaan Sunda nyaéta Niskala Wastukancana. Sajaba mangsa pamaréntahana nu “cukup fantastis” salila 104 taun (1372-1475), naskah Carita Parahyangan météakeun : “Aya saurang putra Prabu Wangi (Prebu Maharaja) ngaranna Prabu Niskala Wastukancana nu maotna dikurebkeun di Nusa Larang, di Pasir Wanakusuma. Manéhna maréntah salila 104 taun alatan sampurna ngamalkan ageman, mangka kahontal kaayaan nu sarwa sejahtera.

Laku lampahna nu koloteun sanajan umurna masih ngora alatan raja téh tunduk (ka tuntunan) “satmata” (Bunisora), nuturkeun (petunjuk) nu ngasuhna nyaéta Hyang Bunisora nu maot dikurebkeun di Geger Omas, landian Batara Guru di Jampang. (Inohong) éta pisan nu dituturkeun ku pangawasa lemah cai saterusna. Batara Guru di Jampang éta pisan nu nyieun makuta “sanghyang paké” sawaktu ngabogaan hak (luhur tahta=Wastukancana) dinobatkeun jadi raja. (Makuta éta) jieunan (hasil) tatapa bakti ka dewata.

Ku kituna, Niskala Wastukancana téh nyaéta Prabu Siliwangi I, sakaligus raja panggedéna (pangsohorna). Sanggeus maot, manéhna diganti kadua urang anakna :
Déwa Nis-kala nu ngawasa di Galuh (ibukotana Kawali), sarta Prabu Susuktunggal nu ngawasa di Sunda (saterusna Pajajaran).

Tétéla kadua pangawasa éta sanajan dulur teu sabobot sapihanéan, komo Susuktunggal dina pamustunganana ngancem bakal mutuskeun sagala hubungan jeung Galuh. Ngaliwatan “musyawarah” para inohong ti kadua karajaan, ditempuh jalan tengah : Kadua raja éta turun tahta, saterusna digantikeun ku Jayadewata putrana Déwa Niskala sakaligus minantu Susuktunggal. Bareng jeung dinobatkeunna Jayadewata, ngaran karajaan katelahna karajaan Pajajaran kalayan puseur dayeuhna
di Pakwan Pajajaran.

Anggapan yén Prabu Siliwangi (hiji-hijina) nyaéta SBM (Sri Baduga Maharaja) atawa Jayadewata, sabenerna teu salah-salah teuing, mun ngaran landian éta dikaitkeun ka nagara nu ngaranna Pajajaran. Hartina, SBM memang mangrupa raja nu mimiti ngawasa di Pajajaran (1482-1521) nu saméméhna nagara éta ampir
sok disebut Sunda. Ngan waé, mun dianggap yén SBM nyaéta hiji-hijina raja nu katelah Prabu Siliwangi, bisa jadi bakal “bentrok” jeung talari nu ngomong yén manéhna raja panggedéna sakaligus pamungkas.

Catetan : Naskah Wangsakerta masih janten "polemik" naha kalebet sumber tulisan sajarah atw sanes. Sawareh gaduh pamadegan yen mun ditingali dina metodologi sajarah (heuristik, verifikasi, interpretasi, historiografi) teu kalebet bukti sejarah nu otentik, margi lemahna sumber-sumber, pabeulit antara fakta & data, sareng dicampur ku hal-hal "magis-religius", teu benten sareng naskah Pararaton (Mpu Tantular) atawa Babad Tanah Jawa (Sultan Agung). Pamadegan nu sanesna, "terlepas" asli atawa palsu eta naskah, eta naskah teh kaasup karya nu "bernilai adiluhung".

Pangeran Wangsakerta teh, katurunan ka-6 ti Sunan Gunung Jati (putrana Pangeran Girilaya)...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

" mangga kasadayana diantos partisipasina............